06 September 2008

Teu areling

Ieu mah iseung bari ngantos beudug magrib, istilah na mah panginteun ngabuburit,dari pada lieur ngahuleung jentul sambari mikiran nu teu pararuguh,Alhamdulillah geuning teu karaos pisan tos sabaraha dinteun puasa ku urang parantos karandapan,meureun ieu mah jadi kaseumpeutan etang – etang latihan sareung ngabiasakeun beuteung,jarang dieusian,nu nomor hijina mah urang niat ibadah.Naon atuh maksadna latihan sareung ngabiasakeun beuteung jarang dieusian,ieu mah meureun saking kalamunan bae perkara kaayaan jaman ayeuna nu jadi pokok n amah seueur jalmi nu gareuring pikiran sareung nu pinteur teuing ( hanjakal pinteurna nganggo teuing ) nu akhirna lieur sorangan nu jadi korban urang sararea istuning lamun dilamunan teuing matak jadi lieur ngadadak,keun atuh iyeu mah etang – etang cocobi kanggo urang bari seuring Istigfar supados urang teu kacandak sakaba – sakaba.kumaha atuh kulantaran kalakuan sababaraha jalmi nuteu areling ( Nu pinteur teuing ) asal ngeunah keur sorangan teu paduli batur susah.Ayeuna mah urang pada ngadu’a kucara sewang – sewangan supados nu teu areling sing enggal eling kana tingkah pari polah na nu matak ngarugeulkeun batur.pokok na mah nagara urang kahareup na sing maju jeung sejahtra ulah dugikeun ka anak incu urang masih keneh ngarasakeun kaayaan model ayeuna.Ammiin

01 September 2008

USA

Ieu mah mung sakadar ngabebenjokeun hate,nukeukeuh hoyong ngadameul blog ku bahasa sunda,etang – etang ngalancarkeun bahasa sorangan,ceuk tiditu na mah panginteun diajar ngamumule sareung mikacinta kana bahasa luluhur sorangan,sanaos djisim kuring USA ( Urang Sunda Asli ),rumaos masih keneh kedah dipapatahan,
Upami urang sunda parantos wantun nyarios sunda sareung urang sunda deui diluar daerah sunda,heunteu gengsi,heunteu isin disebat kampungan,eta panginteun nudisebat masih ngamumule sareung mikacinta bahasa sunda.
Hayu ah dulur urang sasareungan tiayeuna ngawitan ngamumule sareung diajar mikacinta kana bahasa sunda,carana mah kumaha bae sewang – sewangan,ulah dugi ka hilap kana bahasa sorangan,urang kedah isin ku urang deungeun nu palinteur sareung nu rareuseup kana bahasa sunda.
Bilih aya nu kaleureusan muka blog ieu,teuras aya nu heunteu ka hartos sareung lepat seuratanana atanapi bahasa na heunteu meureunah,djisim kuring nyuhunkeun dihapunteun maklum sanes ahlina.
Sakieu heula ah dulur,sanes waktos disambung deui.